DIALOG BASA SUNDA

Di Rumah sakit Soca

Dokter keur nitah maca ka aki-aki nu keur dipariksa.

“Ieu naon Ki?” bari nunjuk kana aksara nu laleutik.
“Teu kabaca!”
“Ari nu ieu?” cek dokter bari nunjuk kana aksara nu rada gedean.
“Sarua teu kabaca!”
“Nu ieu atuh yeuh, ki?” bari nunjuk aksara anu panggedena.
“Teu kabaca oge!”
“Piraku! Sakieu gedena teu kabaca keneh mah?”
“Da ti baheula oge aki mah teu sakola! Jadi teu bisa maca!”


Anak Cacad

Jajang: “Karunya ka ceu Imas, rajeun teh boga budak.....”
Montir: “Ku naon kitu? Burusut tuluy?”
Jajang: “Laiiin. Ngajuruna teh budaknya cacad.”
Montir: “Euleuh! Cacad naonna kitu?”
Jajang: “Euweuh huntuan!”
Montir: “Gejul teh, hanas didengekeun!”


Supir bodo

Supir Jajang: “Bade liren we janten supir teh, Pa. Geuning teu mendak wae penumpang. Aya nu ngajanteng sisi jalan mung ngacungkeun curuk wungkul.”
Bapa Montir: “Puguh nu ngacungkeun curuk teh nu rek tumpak. Ari ku maneh dikumahakeun?”
Supir Jajang (bari ngajenghok): “Ampuun… ari manawi teh ngajak suten, hanas diasongan jempol!!”


Ka Girang

Indungna: “Jaaangg.. Jajaaaang!”
Si Jajang: “Aya naon ema?”
Indungna: “Cing Ema pangmeulikeun angeun ka warung!”
Si Jajang berebet lumpat, teu kungsi lila geus datang deui mawa angeun.
Indungna (sanggeus ngasaan angeun eta): “Na Jang angeun teh teu kaler teu kidul?” (Maksudna teu ngeunah!)
Si Jajang: “Da ka girang jalanna ge!”


Minyak Lambut

Koh Acong keur ngolo pamajikanna ngajak kituan, pamajikanana keur reuneuh 7 bulan.

Acong: “Mam, hayu atuh ulang kituan!!”
Mamah: “Ah ari si engko teh, kamari alesanana hayang nyieun ceuli, keur itu hayang nyieun panon, terus hayang nyieun rambut, ayeuna alesan naon deui?”
Acong: “Henteu, ayeuna owe mah ngan hayang mere minyak lambut!”

0 Response to "DIALOG BASA SUNDA"

Posting Komentar

powered by Blogger | WordPress by Newwpthemes | Converted by BloggerTheme